Albert Einstein

Albert Einstein, poto ku Oren J. Turner taun 1947.

Albert Einstein (14 Maret 187918 April 1955) nyaéta hiji élmuwan fisika téoritis anu dianggap élmuwan pangbadagna dina abad ka-20. Manéhna nepikeun téori rélativitas sarta ogé réa nyumbang pikeun mekarna mékanika kuantum, mékanika statistik, sarta kosmologi. Manéhna dibéré kasinugrahan Pangajén Nobel dina widang Fisika dina taun 1921 pikeun guaranana ngeunaan éfék fotoéléktrik sarta "pangabdianana pikeun Fisika Téoritis".

Sanggeus téori rélativitas umum dirumuskeun, Einstein jadi kawentar di sakuliah dunya, hontalan anu henteu ilahar pikeun saurang élmuwan. Dina mangsa kolotna, katénaranana ngaleuwihan ketenaran kabéh élmuwan dina widang sajarah, sarta dina widang budaya populér, kecap Einstein dianggap sinonim jeung kacerdasan atawa malah kajeniusan. Beungeutna mangrupa salah sahiji anu pangdipikawanohna di sakuliah dunya.

Dina taun 1999, Einstein dingaranan "Inohong Abad Kiwari" ku majalah Time. Kapopuléranana ogé ngajadikeun ngaran "Einstein" dipaké sacara lega dina pariwara sarta barang dagangan séjén, sarta pamustunganana "Albert Einstein" didaftarkeun minangka mérek dagang.

Pikeun ngahargaan manéhna, salah sahiji hijian dina fotokimia dingaranan einstein, hiji unsur kimia dingaranan einsteinium, sarta hiji asteroid dingaranan 2001 Einstein.

Rumus Einstein anu pangkawentarna nyaéta (tempo E=mc²):


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy